DAUR NITROGEN
Daur nitrogén nyaéta daur biogéokimia nu ngagambarkeun transformasi nitrogén
jeung sanyawaan nu ngandung nitrogén di alam.
Dasar
Udara ngandung kira 78% nitrogén, sahingga mangrupakeun sumber nitrogén
panglobana. Nitrogén penting pisan pikeun rupa-rupa prosés biologis; aya
dina sakabéh asam amino, kabeungkeut dina protein, jeung aya dina opat basa
nu ngawangun asam nukléat kayaning DNA. Nitrogén di udara perlu diolah heula
saméméh bisa dipaké ku mahluk hirup.
Sakabéh nitrogén nu diala ku sasatoan bisa disusud nepi ka didaharna
tutuwuhan dina sababaraha hambalan rantay dahareun. Tatangkalan ngala
nitrogén tina taneuh ku jalan diserep ku akarna tina taneuh dina bentuk boh
ion nitrat atawa amonia. Amonia aya dina taneuh tina hasil fiksasi nitrogén
ku organisme nu bisa ngahasilkeun énzim nitrogénase. Nitrogénase
ngagabungkeun gas nitrogén jeung hidrogén sahingga ngahasilkeun amonia.
Baktéri nu ngafiksasi nitrogén, kayaning Rhizobia, hirup dina nodul akar
polong (legume, popolongan atawa kakacangan). Hubungan simbiosis antara
antara baktéri jeung tangkalna ieu ngahasilkeun amonia nu dihilian ku
karbohidrat. Taneuh nu suda hara bisa dipelakan popolongan ngarah beunghar
nitrogén.
Amonia
Sumber amonia séjén nyaéta dekomposisi atawa tina hasil diuraikeunana
zat-zat organik nu geus paéh ku baktéri nu disebut dekomposer, nu
ngahasilkeun ion amonium (NH4+). Dina taneuh nu cukup asupan oksigénna,
amonia ieu ku baktéri dirubah heula jadi nitrit (NO2-), lajeng nitrat.
Konversi amonia jadi nitrat disebut nitrifikasi.
Ion amonium bisa bisa kabeungkeut ku taneuh jeung taneuh liat, sedengkeun
nitrat, kusabab muatan négatifna, teu bisa. Nitrat gampang pisan leyur dina
cai, sahingga, sanggeus hujan badag, bisa palid ka walungan jeung situ). Mun
nitrat nu palidna loba, bisa ngabalukarkeun eutrofikasi, hiji prosés nu
ngabalukarkeun ngaleuyahna populasi ganggang (algae) jeung baktéri biru-héjo
(blue-green bacteria) nu tungtungna bisa maéhan kahirupan séjén dina jero
situ. Loba teuing dipakéna pupuk nu ngandung nitrat jeung fosfat kabéjakeun
geus ngabalukarkeun kajadian sarupa kieu di sababaraha walungan, sahingga di
Inggris mah pamakéanana téh diawaskeun pisan. Ku ayana kaayaan anaérobik
(saeutik oksigén) dina taneuh, denitrifikasi - sabalikna ti nitrifikasi - ku
baktéri bisa lumangsung, ngahasilkeun gas nitrogén nu salajengna ngeusi
atmosfir Marcapada.
Cara ngonversi N2
Aya tilu jalan pikeun ngonversi N2 jadi bentuk kimia nu leuwih réaktif:
Fiksasi biologis: sababaraha baktéri ("ngabalad" jeung tutuwuhan nu tangtu,
leguminosae) jeung ganggang biru-héjo (blue-green algae) nu tinangtu (ogé
katelah sianobaktéri) bisa ngarobah nitrogén jadi nitrogén organik.
Fiksasi-N téhnis: dina prosés Haber-Bosch, N2 jeung gas hidrogén (H2)
dirobah jadi amonia (NH3).
Ngaduruk béngsin jeung bahan bakar fosil (mesin mobil/motor jeung PLTU), nu
mindahkeun gas unsur nitrogén jadi NOx.
Lian ti éta, dibentukna NO tina N2 jeung O2 alatan foton jeung gelaptéh
penting pikeun kimia atmosfir.
Hasil tina pepelakan legume sacara éksténsif (hususna kadelé),
dimangpaatkeunana prosés Haber-Bosch pikeun nyieun pupuk kimia, jeung polusi
nu dilakuarkeun tina tutumpakan jeung pabrik, manusa téh geus
ngagandakeun/ngaduatikelkeun transfer nitrogén atmosfir jadi bentuk biologis
dina unggal taunna. Pamustunganana, hal ieu téh ngabalukarkeun ruksakna
habitat cai (akuatik), kaasup sabangsaning ranca (dina prosés eutrofikasi).
Kamis, 29 Oktober 2009
Home »
» Daur Nitrogen
Daur Nitrogen
Related Posts:
Download Samurai X Live Action MovieSamurai X Live Action Movie Film ini diproduksi oleh Warner Bros, distutradai oleh Keishi Otomo.Samurai X merupakan salah satu komik favoritku, dima… Read More
Cara membuat Boothable Hirent BoothCD di flashdiskHaiCloudters? Wah beberapa minggu g posting kangen juga ma dunia Blog ini he……….Kemarin ada temenku namanya PAIDI dari luar kota nanya ke aq bagaimana… Read More
WEBCAMAX 7.6.3.6 FULL Hai Cloudters? WebcamMax adalah utilitas canggih untuk bekerja dengan webcam. Program, yang menambahkan efek video yang mengagumkan untuk semua We… Read More
Download Microsoft Office 2013 Full Version Microsoft memang belum merilis secara resmi software Office 2013 dan Ofice 365 terbaru. Meski demikian, Microsoft telah mengumumkan harga resmi Offi… Read More
KUMPULAN GAME HD UNTUK XPERIA PLAYJika anda pemilik Sony Ericsson Xperia PLAY, maka ini adalah berita bagus bagi anda. Sony Ericsson bekerja sama dengan EA Games membagikan game game … Read More
0 komentar:
Posting Komentar
di add ya